KEMBANG CANGKOK WIJAYA KUSUMAH
Kembang
cangkok ieu, dipake keur ngubaran Bibi Subadra. Nyaeta istrina Arjuna. Bibi
Subadra damang ku eta kembang. Dina jero teu damang teh Gatot Kaca diwartosan
ku Astra Jingga yen Bibi Subadra teu damang wales. Ari diperjalanan Gatot Kaca
teh panggih jeung bangsa oray, anu hayang males pati ka Gatot Kaca jeung
pandawa. Kucara maok kembang Wijaya Kusumah ti Arjuna. Nanging niat goreng eta
teu lakasana. Si oray eta beunang terus dibawa ka payuneun Arjuna ku Gatot
Kaca, ditanya weh saha manehna sabenerna. Nyaeta Nagasakti atawa Lodrapati.
Ngabogaan maksud kanggo neangan kembang wijaya kusumah. Keur ngahancurkeun
pandawa.
Tidinya
Arjuna ambek. Oray eta teh dititah dipaehan, ku Gatot Kaca. Terus dicandak eta
oray ka hiji tempat. Pas rek dibunuh, eta bangsa oray teh ngaleungit. Sabab
boga elmu Aji Halimun. Terus weh Arjuna nitah si cepot, dititah nyieun bewara
sangkan ngalaporkeun ka pamarentah lamun manggihan bangsa sasatoan.
Lodrapati
berubah jadi Semar, nyaeta hiji tokoh kapercayaan Arjuna. Sabab Arjuna teh
dununganna si Semar. Lodrapati anu mangrupakeun Semar eta ngadep ka Arjuna.
Bebeja tadi teh diperjalanan pendak jeung tatangga ngabejaan yen istri si Semar
teh teu damang. Erek nginjem kembang Wijaya Kusumah, tadina mah moal dibikeun
tapi lila-lilana mah dibikeun oge ku Arjuna. Kalayan disaksian ku anakna Semar
nyaeta Cepot jeung Dawala.
Teu lila,
datang utusan ti karajaan, ngawartosan yen Subadra istrina Arjuna teu damang
deui. Arjuna teh ngutus Gatot Kaca sangkan nyusul si Semar anu mawa kembang
Wijaya Kusumah tea. Terus dipapayan kamana-mana, lila-lila kapanggih si Semar
teh. Tapina jeung Semar anu asli. Gatot kaca nyarita ka si Semar, rek nambut
kembang tea kanggo ngubaran istrina Arjuna anu teu damang deui. Eta Semar
mungkir, da manehna mah teu rumasa nginjeum kembang ka Arjuna.
Dibawa weh
eta Semar ka payuneun Arjuna ku Gatot kaca. Ditanyaa deui ku Arjuna kamana eta
kembang. Si Semar anu asli teu ngaku keneh pernah nginjeum eta kembang. Terus,
Arjuna nyiksa kalawan nyiduhan ka eta Semar. Manehna ngarasakeun nyeuri hate ku
sifat Arjuna anu nuduh jeung nyiksa manehna. Si Semar balik ka imahna, bebeja
ka istrina yen manehna geus diciduhan ku Arjuna.
Cianjur, 13 November 2012